RESENSI NOVEL “SANDEKALA”

Judul            : Sandékala

Pangarang    : Godi Suwarna

Tahun Medal : 2007

Pamedal       : Kelir

kandel buku   : 240 halaman

Cetakan        : Cetakan kahiji bulan nopember 2007

                        Cetakan kadua bulan Januari 2011


WASTA : M. Rahardian Ramadhan

KELAS : XI MIPA 4



Dina nopel ieu dicaritakeun aya kuncén anu sok ngajaga Surawisésa anu tempatna aya di

Cikawali. Ki kuncén éta ngabogaan incu ngaranna Bagus. Bagus téh digawé jadi Wartawan. Tapi saenggeus ngawartakeun kasus pejabat korupsi, anu pejabat éta téh dulurna kénéh pingpinan pausahaan manéhna dipéhaka. Alesanna mah perampingan cenah. Dalah pingpinan redaksina kalah haré-haré we sanajan Bagus tepi ka dipecat pisan. Sabab ngarasa teu aman cicing di Bandung, Agus mulang ka kampung halaman nyaéta Cikawali.

Pandu salah sahiji warga di kampung Surawisésa jeung mahasiswa universitas di daérah

Bandung dekeut jeung budakna pa Camat didinya. Pa Camat Suroto ngaranna. Dewi budak pa

Camat Suroto sarua kuliah di Bandung. Dina hiji waktu, indungna Dew aya niat rék nitip béja ka

Pandu keur Dewi, tapi kusabab Pandu na geuring jadi henteu bisa nitip bejana. Panedu kudu istirahat heula saminggu mah ceuk Dokterna.

Bagus maca koran. Panasaran néangan rohang budaya. Tapi anger wé teu kapanggih. Ari bréh téh, aya poto Sari kira-kira opat ka genep. Sari teh awéwé anu dipikaresep ku Bagus. Tapi Sari na geus kawin ayeuna mah jeung pa Widagdo anu ngabogaan hotel teuing sabaraha hiji. Keur ngalamunkeun Sari téh aya Otong ka imahna. Babaturan manéhna baheula, ménta dibantuan ngamodalan usaha. Bagus anu kakara tas dipehaka boro-boro aya jeung ngamodalan atuh

Camat Suroto susulumputan nitah Eman pagawéna sangkan mérékeun amplop ka Nyi Nani pamajikan kang Dadang anu geulis tur bageur. Pédah budakna Nyi Nani keur geuring euk béja

Pandu rarat-rérét, aya di kamarna kénéh. Indungna ngabéjaan Pandu tadi Akangna nelepon, naha bet mulang téh teu béja-béja. Pandu ukur seuri maur. Rumasa. Nganjrek di kang Déa lanceukna

di Bandung teh. T1 barang ava gerakan mahasiswa ge manchna teu mulang-mulang ka imah lanceukna. Haroréam. Kang Déa na teu panujueun pisan Pandu milu aktif di kampus téh.

Pandu hulang-huleng deui. Rus-ras ka kang Dea. Lanceukna nu cikal. Lanceuk anu ngan hij1-hijina. Anu ngabiayaan sakola ti barang bapana maot. Kang Déa téh pagawé pémda di Bapéda.

Beunghar. Tapi sanajan kitu, kasiksa Pandu mah. Da apal éta duitna menang teu bener.

Kang Dadang salakina Ny Nani gawéna sok ngojég. Dina hiji poé ditatagih ku kang Boja. Pajak

Jalanan cenah mah, mun teu mayar wae motor rek dirampas. Jaba kang Dadang can mayar salila opat bulan. Balueung deui keur teu boga duit kang Dadang teh. Kang Dadang balik ka imah ti pangkalan ojég teu kapanggih waé. Bet karérét, aya tungtung amplop handapeun tumpukan buku. Amplop dibuka. Goréhél, duit eusina téh. Saratus tujuh puluh lima rébu. Geus lila gé teu kungsi nyekel duit sakitu gedéna kitu.

"ari duit ti saha Nan?" pok na bari némbongkeun duit jeung amplopna.

Ny Nani ngaranjung pias. Pias pisan.

Kang Dadang terus tatanya éta duit timana asalna. Tapi Nyi Nani na teu ngajawab sakecap-kecap acan. Tungtungna mah duit dialungkeun kana kasur. Mawur. Manéhna tuluy ngagejlig. Kaluar.

Ugang-uging nyelah motor. Ngaber.

Nagara harénghéng. Hahargaan marahal. Hama, panyakit, cocoa teu eureun-eureun. Rahayat patingkocéak. Komo geuning Présidén mah. Kalah hayoh anclang-anclangan ka mancanagara



A. Tokoh jeung Panokohan

a.   Tokoh utama

* Pandu : Wanian, Ngabéla nu bener.

* Dewi : Aléwoh, loba nanya

* Kang Bagus : gigih, mandiri.

* Camat Suroto : Galak, gurat batu, gedé hulu.

* Kang Dadang : wanian


b.  Tokoh panbantu 

Ki kuncén : Taat kana aturan

Kang Dea : Babantu ka kulawarga, tukang garong duit rahayat, keras kepala.

Bu Camat : Hariwangan, perhatian ka budakna.

Mang Eman : -

Bi Lasih : -

Kang Didon : Keueungan

Kang Tisna : - 

Nyi Nani : sabar

Sari : gigih 

Indungna Pandu : perhatosan ka budak

Kang Boja : galak, meres


B. Unsur Carita

1. Alur


2. Tema : Nagara Harééng

3. Katerangan : Di Kamer Bagus jeung Lawang Pangkeng


C. Kaunggulan jeung Kalemahan


1. Kaunggulan

Kahéngkeran tina novel ieu nyaéta dina tungtung caritana kurang jelas maparkeunna jadi si pembaca kurang paham kumaha akhir tina demonstrasi anu dijadikeun inti parmasalahanna. Tapi tina kabéhanna mah geus alus.



2. Kalemahan

kaonjoyan dina novél ieu nyaéta pangarang ngaburak-barik logika, alus milih kata jeung ngautamakeun tokoh hadé pamingpin pormal (Camat, Bupati, Kapala desa), Mahasiswa, demonstran, onom, masarakat dina politik di daérah Kawali. Politik anu geus ngahiji jeung cita-cita, ambisi, muslihat, jeung cinta. Amanat anu disampaikeunna cukup jelas. Korupsi anu dilakukeun ngagambarkeun karakusan pamingpin luhur. Novel ieu oge ngagambarkeun kumaha kaayaan nagara basa pindahna jaman orde baru ka jaman refolusi nyaéta loba demonstrasi anu dilakukeun ku rahayat ka pamingpinna. Salian tiéta novel ieu bisa dibaca ku rumaja, dewasa, kolot jeung sajabana.

Komentar